Tinggalkanlah kesenangan yang menghalangi pencapaian kecemerlangan hidup yang di idamkan. Dan berhati-hatilah, karena beberapa kesenangan adalah cara gembira menuju kegagalan
Mario Teguh

Selasa, 20 Desember 2011

SISINDIRAN


Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
éndahna kabina-bina


Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
sing émut ka diri abdi


Baju soéh tatambalan
kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
lamun hadé rumawatna


Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
terang-terang geus ku batur


Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana


Béak daun béak randu
unggal poé dibikeunan
Béak taun béak windu
moal weleh dileukeunan


Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
ari balik sok leungiteun


Bubuy bulan sangray béntang
panonpoé disasaté
unggal bulan abdi téang
unggal poé ogé hadé


Carulang dipahpal kuda
héjo deui héjo deui
Rék mulang samar kaduga
nénjo deui nénjo deui


Cau ambon dikorangan
kanyéré ka pipir-pipir
Lalaki ambon sorangan
awéwé teu mikir-mikir


Cukleuk leuweung cukleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
Lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka indung ka bapa


Deungkleung déngdék deungkleung déngdék
buah kopi raranggeuyan
Ingkeun ieu anu déwék
ulah pati diheureuyan


És lilin buatan Bandung
dicandak ka Cipaganti
abdi isin bararingung
sok inggis henteu ngajadi


Itikurih Béntang Sinar
maén di lapang Cicéndo
Nyeri peurih kunu anyar
matak henteu hayang nénjo


Itu saha nungtun munding
digantélan saputangan
Itu saha ginding teuing
singhoréng geuning jungjunan


Jeruk lemo jeruk butun
diteundeun di ruyuk kaso
Tilam sono ka nu ngantun
sampeureun isuk pagéto


Kamana ngaitkeun kincir
ka kalér katojo bulan
Kamana ngaitkeun pikir
moal palér ku sabulan


Kapinis ulah disumpit
tangkal muncang ngarangrangan
Ieu nulis badé pamit
duakeun ti kaanggangan


Karinding palapah kawung
ditiup ku nu paranti
Nu ginding ulah mangpaung
sing émut ka diri abdi


Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
sono patepang di jalan


Kembang goyang jeung érmawar
pacampur jeung kacapiring
Hariwang réa kakelar
tagiwur teu genah cicing


Lampuyang nu cocongoan
bawaeun ka Rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
isuk mah urang pajauh


Leuleupeutan leuleuweungan
ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah téténjoanana


Majar manéh nganyam samak
neukteukan bari motongan
Majar manéh néang anak
ngadeukeutan popotongan


Meuncit meri dina rakit
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
kabogoh direbut batur


Ngala antanan ka jami
cau emas tengah huma
Kahayang ulah rék lami
geura unjukan ka Ama


Ngalantung mulungan tanjung
bari metik nagasari
baringung pikir mangpaung
ati ceurik jeung rarisi


Ngaput baju kurang benang
gantian ku kantéh baé
Mun panuju geura téang
kuring mah rék daék baé


Ngimpi ngajul kembang tanjung
ngimpi ngala nagasari
Ngimpi tepung jeung nu jangkung
tara-tara ti sasari


Pileuleuyan cangkang béas
huut sajeroning kéjo
Pileuleuyan urang ikhlas
imut sajeroning nénjo


Pileuleuyan daun pulus
kararas daun katimpang
Pileuleuyan ulah tulus
masing ras ka nu di tukang


Pucuk tiwu akar bangban
amis mata disusukan
Mun rék milu geuwat dangdan
cimata geura susutan


Rayagung tanggal sapuluh
kasungka reujeung maléla
Abdi burung mun teu tulus
kasuka da ti baheula


Reundeu beureum reundeu hideung
reundeu kayas solempangan
Beuki heubeul beuki nineung
beuki lawas kaédanan


Rincik-rincik hujan leutik
paralak hujan tambaga
Nilik-nilik mojang leutik
teu terang aya nu boga


Samping hideung dina bilik
kumaha nuhurkeunana
Abdi nineung ka nu balik
kumaha nuturkeunana


Saninten buah saninten
dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
tangtos seueur kalepatan


Sayang kaak diarengan
diasupkeun kana peti
Hayang angkat sasarengan
bati gegetun nya ati


Talingtung talina benang
mobil beureum diguratan
Satungtung teu acan beunang
moal eureun disuratan



Tidak ada komentar:

Posting Komentar